TRADISI CINGCOWONG
Budaya Tanah Sunda :
Tradisi Cingcowong (Tradisi Ménta Hujan)
Ku Nisa Nurwanti
_____________________________
𝐂𝐈𝐍𝐆𝐂𝐎𝐖𝐎𝐍𝐆 nyaéta ritual ménta hujan di Désa Luragung Landeuh. Cingcowong nyaéta ngaran boneka sawah anu dina basa Sunda disebut bebegig. Wangun bonéka Cingcowong nyarupaan bonéka anu rupana wanoja geulis. Ayana Cingcowong raket patalina jeung kabutuhan manusa jeung gumantungna kana alam, nyaéta kabutuhan manusa kana cai salaku sumber mata pencaharian. Intina, tradisi ieu ditujukeun pikeun nyuhunkeun ka Gusti Nu Maha Suci supados enggal-enggal turun hujan nalika aya halodo anu berkepanjangan.
Cingcowong, asalna tina kecap "cing" jeung "cowong". Kecap cing dina Kamus Indonesia-Sunda hartina sarua jeung kecap cik, nu hartina "coba" dina basa Indonesia. Kecap cowong dina basa Indonésia hartina "biasa nyarita nyaring". Jadi tina jihat linguistik, Cingcowong hartina nyoba nyarita nyaring. Définisi lain tina Cingcowong nurutkeun sumber séjén asalna tina kecap cing anu hartina "teguh" (Sunda) atawa "tebak" (Indonesia) jeung cowong mangrupa singketan tina kecap "wong" anu dina basa Jawa hartina 'jalma'. Jadi, upama dihijikeun kecap “cingcowong” hartina “coba tebak saha ieu jelema”.
Ritual Cingcowong dipimpin ku saurang nu sok di sebut punduh. Punduh nyaéta jalma anu dianggap miboga kamampuh husus dina widang spiritual atawa kayakinan lokal anu dimeunangkeun ku lantaran inisiatif sorangan, sarta dianggap miboga kamampuh husus pikeun komunikasi jeung mahluk jeung kakuatan gaib. hiji punduh dibantuan ku nu ngawadahan bonéka cingcowong, jeung maén Dua alat musik utama nyaéta kendi jeung bokor. Aya ogé sindén anu tugasna nembangkeun tembang-tembang anu tangtu pikeun marengan tari bonéka cingcowong.
Komentar
Posting Komentar