Féstival Ngakeul: Tradisi Buhun Urang Kuningan
Féstival Ngakeul: Tradisi Buhun Urang Kuningan
Ku Muhammad Zaenul Sidqi
Suku Sunda miboga tradisi jeung budaya anu has jeung unik. Seueur tradisi anu masih dilaksanakeun dugi ka ayeuna ku masarakat lokal pikeun ngajaga ciri has suku Sunda. Salah sahiji conto tradisi Sunda nu aya di Kuningan nyaéta féstival ngakeul.
Féstival Ngakeul dilaksanakeun dina raraga ngajaga tradisi kaarifan lokal. Féstival Ngakeul mangrupa istilah pikeun ngagambarkeun sababaraha karya budaya masarakat Kabupatén Kuningan.
Ngakeul mangrupa tradisi masak sangu sacara tradisional ngagunakeun pakakas saperti kai jeung hawu.
Miboga téma "Parigel cara kiwari bari teu mopohokeun cara bihari" Hartina gawé kawas jaman kiwari teu mopohokeun lalakon jaman baheula.
Féstival Ngakeul ngandung rupa-rupa acara diantarana kaulinan barudak, pagelaran seni, festival deungeun sangu, nulis bébas, jeung féstival tumpeng.
Kagiatan ieu téh dina raraga ngalestarikeun budaya anu geus ampir punah, ogé ngalestarikeun tradisi karuhun jeung ngajaga kaarifan lokal di Kabupatén Kuningan.
Tangtu wae ieu tradisi teh ku urang kudu dimekarkeun ngarah tetep dipikaresep ku balarea sarta henteu tinggaleun jaman.
Sangkan ieu tradisi teu leungit, sababaraha léngkah bisa dilaksanakeun, nya éta méré pamahaman masarakat ngeunaan pentingna tradisi dina ngeuyeuban jati diri budaya, sarta anu pangpentingna nyaéta ngadokuméntasikeun ieu tradisi ngaliwatan média saperti vidéo, audio jeung tulisan sangkan bisa diaksés sareng diulik ku generasi kahareupna.
Ngalestarikeun tradisi merlukeun usaha pangrojong kolaboratif ti individu, komunitas, pamaréntah jeung lembaga budaya.
Kalayan ieu urang tiasa ngalestarikeun sareng ngahargaan tradisi salaku bagian anu teu bisa dipisahkeun tina identitas budaya urang.
Komentar
Posting Komentar