Makanan khas Kuningan : Ketempling
Makanan khas Kuningan: Ketempling
Ku Azra Rizki Kirani
Gemblong tiasa oge di sebatas ketembling, nyaeta salah saiji hasil makanan khas kuningan. Kadaharan tina sampeu, kaasup camileun anu loba mika reseup. Camileun ieu bisa oge kanggo rencang tuang baso.
Rupana buleud ipis siga keripik sampe, nanging gemblong mah rada kandeul. Rupana koneng ngora diawuran daun bawang sareng saledri di luhurna. Gemblong seungit ngahudangkeun rasa jeung cocok di jadikeun rencang ngopi atawa ngeteh.
Gemblong anu kitu bentukna asli ti Kuningan beda jeung nu di Bandung jeung di Banten. Gemblong ti Kuningan di jieun tina capeu atawa sampeu ari nu ti Bandung sareng Banteng mah di jieun tina beras ketan.
Gemblong oge tiasa dijadikan camileun kanggo tamu. Rupa gemblong ieu aya nu buleud ipis sareng buleud kembung aya oge nu di jerona isi tempe. Rasanya oge aya lada sareung asin gumantul pesenan.
Gemblong buleud ipis lolobana di produksi di Desa Citangtu, Desa Kramatmulya, Desa Cigadung, Kelurahan Purwawinangun, dan Kelurahan Cipprang. Gemblong buleud kembung lolobana di produksi di Kecamatan Ciawigebang. Sahingga disebut oge gemblong Ciawi.
Komentar
Posting Komentar