RAOS NA SORABI NALIKA USUM HUJAN

 RAOS NA SORABI NALIKA USUM HUJAN

Ku Aidah Nuraisah

Sumber:kompas.com

Sorabi nyaeta dahareun tradisional nu aya di daerah Jawa Barat, biasa na sok aya di sisi jalan.Tukang Sorabi buka na isuk jeung sore bae. 

Dina usum hujan, sorabi jadi dahareun nu loba di pilih ku masyarakat. Haneut na sorabi nu kakara asak cocok pisan keur ngahaneutan awak. 

Keur sabagéan jalma, sorabi sisi jalan lain ngan saukur ngarasakeun kadaharan anu nikmat, tapi ogé pikeun nyieun kenangan. Bisa jadi tempat keur nongkrong jeung babaturan atawa bisa jadi momen berharga jeung kulawarga bari ngarasakeun sorabi sanggeus leumpang nguriling kota.

cara masak na nu masih tradisional, nyaeta make tungku nu matak sorabi teh seungit, hargana terjangkau, sareng pangalaman tuangeun anu unik ngajantenkeun sorabi janten tuangeun karesep anu patut dicoba ku saha waé anu liwat ka daérah dimana éta diproduksi.

Komentar

Postingan Populer