Ulin ka Kabupaten Kuningan Jawa Barat, Wajib Nyobian 3 Kuliner nu Kasohor Raos na!
Jauh-jauh wisata alam ka Kuningan, ulah hilap kana wisata kuliner na!
Ku : Aal Lutfiyyaah Aulia
Kota Kuningan // sumber: Instagram;@pesonakuningan
Nalika ulin ka Kota kuda, nyaeta di Kabupaten Kuningan, Jawa Barat. Pangalaman kuliner mangrupa bagean nu teu bisa dipisahkeun dina unggal wisata nu keur di ulinan. Kota Kuningan ieu lain ukur kaya ku wisata alam jeung budaya na hungkul, tapi oge miboga ragam kadaharan nu loba dipikawanoh ku masarakat Kuningan. Tah, kadaharan nu geus kasohor eta teh mangrupa kadaharan nu jadi ciciren Kuningan. Salajeungna hayu urang medar sababaraha kuliner anu jadi khas Kuningan. Di handap ieu nyaeta tilu kuliner khas Kuningan anu wajib dicobian :
1. Rujak Kangkung
Rujak kangkung mangrupa kadaharan anu miboga rasa lada. Ku sabab, ieu rujak dijieun tina kangkung anu geus dipetikan tuluy di godog dugi ka Ledok. Sanggeus eta, kangkung dihidangkeun ka na piring tuluy di simbeuh ku sambel hencer nu kacida lada na. Sok sababaraha jelema mah tina lada na Rujak Kangkung teh matak seger kana panon. Biasana tukang rujak kangkung ngider ka unggal imah nalika cuaca keur panas, nyaeta kira-kira jam 1an. Kukituna rujak kangkung janten pilihan ka penggemar kuliner lada jeung seger ti Kuningan.
2. Kue Satu
Kue Satu ogé kaasup kana kadaharan khas Kuningan anu bisa direkomendasikeun kanggo dicobian ku wisatawan. Nalika ngadahar kue satu, hidep bakal ngarasakeun sensasi kue ngepruy dina letah. Ngepruy na adonan kue dipirig ku rasa amis na, matak jadi pengalaman kuliner nu luar biasa.
Kue anu miboga aran tina angka ieu, dijieun tina olahan kacang hejo anu disangaré, ditumbuk atawa digerus dugi ka bubuk, tuluy dicampur jeung gula bubuk. Sanggeus kitu, adonan kue satu geura dicitak ku citakan kayu. Citakan kayu ieu teh biasana aya nu khusus jang nyitak Kue satu, kulantaran bentuk jeung motif na.
Sanggeus dicitak, kue satu teu dipanggang atawa digoreng, tapi dipoe di handapeun sorot panon poe sampe ka garing atanapi heuras.
3. Hucap
Hucap mangrupa akronim tina tahu jeung kecap. Hucap tiasa jadi andalan sarapan isuk-isuk anu kasohor di Kuningan. Ku sabab, sanajan aranna tahu jeung kecap tapi hucap teh eusina aya Kupat oge. Tah, samemeh hidep indit rek kagiatan wisata alam, nu enak na mah sarapan heula jeung hucap.
Tahu nu digoreng haneut-haneut, tuluy di potongan kana piring. Kitu oge jeung kupat, biasa dipotongan kotak laleutik diabruskeun kana piring. Sanggeus kitu dikucuran bungbu kacang nu hencer eta, tuluy dikecapan jeung ditambahan goreng bawang diluhurna. Sederhana pisan, tapi matak sebeuh kana beuteung.
Eta sababaraha rekmendasi nu wajib dicobian dina pangalaman wisata kuliner hidep sadaya. Wilujeung ngaraos sadaya kadaharan Kuningan.
Komentar
Posting Komentar